Sabtu, 31 Oktober 2015

Anaking jimat Awaking

Masih inget kénéh waktu bapa nungguan hidep babar di luar rohangan bedah, teu bisa dipapalerkeun teu genah cicing, haté teu bisa tenang. Sabada gubragna hidep ka alam dunya, Abah nuturkeun parawat ka rohangan husus ngarawat orok. Hidep usik, ramo suku ngahaja disintreukan ku perawat ngarah ceurik. Hidep ceurik, tapi ukur basajan, teu gogoakan kawas nu saméméhna dicipta-cipta. Panon hidep gular-giler, sérab ku lampu nu nyorot. Pas paamprok teuteup… Alhamdulillah Gusti… Hidep jagjag waringkas taya kakurangan.
Alhamdulillah Abah ogé kungsi ng-adan-an hidep. Harepanna ku ieu sora adan, hidep ka hareupna bisa Panceg dina Galur ngajalankeun hirup jeung huripna dina jalan kaISLAMan. Anaking jimat AwakingHidep kudu reueus hirup huripna ngajadi diri sorangan. Raksa amarah hidep nu ngabalukarkeun kaduhung teu manggih tungtung. Jalanan hirup ku handap asor ka papada manusa, jaga, riksa sarupaning anu dipiboga ku hidep. Soca tina tinggalieun, ceuli tina dedengeun, Letah tina ucapkeuneun, leungeun tina cabakeuneun. Suku tina lampahkeuneun. Jaga riksa lengkah paripolah tinu hal anu matak raheut kana manah batur.
Ngarah hidep hirup loba dulur, akur jeung salembur. Ulah poho, jaga, riksa kaluhungan alam dunya. Da Gusti Anu Maha Suci nyiptakeun alam dunya teh pikeun diropea estuning keur hirup huripna hidep jeung papada umat-Na. Anaking jimat AwakingHidep sing sadar, ngajalanan hirup hurip di alam dunya teh heunteu gampang. Hidep moal salawasna ngajalanan datarna hirup. Bakal nincak kana tanjakan jeung pudunan. Omat hidep ulah kupur. Salawasna eling kanu Maha Agung, Nyembah kanu Maha Kawasa. Turutkeun papagon ageman, jalankeun pituduh karuhun urang. Tah ieu anaking, pepeling keur diri papatah keur awak, badan sakujur ingis laku lampah nincak salah. Anaking jimat Awaking Dina unggal renghapan nu jadi indung bapa kaluar dunga anu mustajab pikeun anak-anakna ngarah hirup pinangih jeung kabagjaan, kajembaran pikeun pibekeleun dina engoning ngajalanan sagara kahirupan di alam dunya.

Omat anaking hideup kudu silih asah,silih asih, silih asuh, silih talingakeun nya diri, silih simbeuh nya kukadeudeuh. Deheuskeun duduluran, rakeutkeun babarayaan, ulah rek pakia-kia ulah rek pasalia paham hamo nepi ka papaseaan. Anaking jimat AwakingOmat, ieu peupeujeuh keur hirup huripna hidep salawasna. Bral anaking… jalanan hirup huripna hidep. Sugan jeung sugan hidep bisa ngajadikeun diri hidep jadi Manusa Unggul

Tidak ada komentar:

Posting Komentar